"BASA MAMAH REK NGAJUAL IMAH"
Bubar ti sakola teh sok jadi hareneg, asa
horoream mulang ka imah. Beda jeung babaturan siga nu jigrah. Geura we
Revi, babaturan sakelas, teu sirikna lumpat balik ka imah teh, dina
angkot ge asal kabawa we kajeun kabagean diuk ukur nember.
Cenah mah di imahna teh boga cocooan, dua anak ucing keur kumincir. Di
imah kuring mah geus dua bulan ilang dangiang, diburuan ge asa teu hegar
henteu ari barala mah da aya
ari nu sasapu bae mah. Kekembangan dina pot siga nu alum. Dua minggu
kaliwat Mamah masang plang hareupeun imah tina sesemplekan triplek, aya
tulisan unina : Rumah ini akan dijual TP hub 08xxx. Kuring kacida
ngagebegna basa maca eta tulisan, geuning imah teh rek dijual. Kakara
sababaraha poe sanggeus plang dipasang Mamah betus ngabejaan pangna eta
imah rek dijual, pajarkeun rek pindah. Betusna ukur kitu. Keur kuring
mah asa teu kaharti naha bet kudu pindah jeung naha imah kudu dijual
sagala?
Teu wani tatanya boh ka Mamah boh ka Apa, sieun kabarerang. Pedah eta
sok kaciri siga nu keur pahereng-hereng, malah ampir dua bulan siga nu
tara pati patanya, lamun teu penting-penting teuing mah. Tara ari
ningali pasea mah, malah nepi ka umur kuring sapuluh taun asa can
ningali Apa jeung Mamah patorong-torong komo pasea mah. Duka pedah era
ku budak pantar kuring, duka kitu we meureun etikana. Kungsi eta ge
Mamah jeung Apa siga nu keur parea-rea omong, tapi barang jol kuring mah
jep we jempling. Apa harita tuluy kaluar, ka buruan ngadon sasapu, ari
Mamah mah tuluy kadapur kadenge kaprak keprek ngumbahan piring. Kituna
teh basa poe Minggu, da ari sapopoe mah boh Mamah boh Apa sok ka kantor.
Kuring di imah ukur jeung Bi Saroh, istri tengah tuwuh nu kumawula di
kolot kuring.
Kungsi aya Ua Uyuh ti Cimahi ngobrol uplek jeung Mamah, tuluy kuring
ngilu masamoan, Ua Uyuh teh rada beda sikepna, ngusapan sirah bari rada
ngeukeupan. Saur Mamah harita “ Jung ameng kaditu, ieu mah nuju ngobrol
dewasa…”. Kuring ngoloyor kaluar nepungan barudak deui nu keur arulin di
buruan. Tapi kadenge keneh cariosan Ua ka Mamah “ Tong luluasan
kitu…karunya ka budak..dipikir we heula eta mah..” Kuring teu ngarti
naon maksudna. Kitu deui basa kuring dibawa ka Aki ku Apa, kecap tong
luluasan karunya ka budak teh kadenge deui, eta mah ti Aki jeung ti
Nini. Enya da dihenteu-henteu ge kuring teh geus umur sapuluh taun,
sakola ge geus kelas lima. Aya hal hal anu pikahartieun ari ngadenge
obrolan kolot tapi aya oge nu matak baluweng, teu kaharti. Lamun tea mah
sagala tindakan kolot teh aya pakaitna jeung kuring nu jadi budakna,
atuh matak naon mun brukbrak we ngabejaan. Kuring teh budak nunggal nu
aya, kungsi rek boga adi lalaki ngan waktu Mamah ngandeg sababaraha
bulan tuluy kaluron. Nyaho lalaki teh pedah di USG ku dokter. Mamah
harita nangis eueuriheun, bari dibeyeng ka rumah sakit. Asana mah waktu
umur kuring keur lima taun waktu keur di TK kelas enol besar.
Aya tulisan hareupeun imah yen imah rek dijual teh karasa ngaganggu,
loba tatangga nu tatanya, loba tamu nu teu wawuh. Atuh kitu deui
babaturan ge loba nu nanya, komo Heri mah, babaturan lalaki nu imahna
kahalangan opat imah, remen pisan tatanya. Malah mun ulin ka imah teh
sok hayoh we nangtung hareupeun tulisan, kungsi ngomong “sugan we unggal
poe ge ieu tulisan teh aya keneh”, kuring malik nanya naon maksudna.
Ari pokna enya lamun ieu tulisan aya keneh didieu hartina imah teh can
payu, hartina Rere can pindah. Rere teh nenehna ngaran kuring ari
lengkepna mah Rainy Ramadhani, ceuk apa, dibere ngaran kitu teh pedah
basa kuring diborojolkeun keur bulan puasa bari keur ngaririncik hujan,
tuluy di imah sok disebut Rere eta teh singgetan tina er-er dibaca
tibalik. Kungsi tulisan imah rek dijual teh ku apa dilaan, tapi ku mamah
dipasangkeun deui, dipakukeunana ge ditakol ku batu ti sisi jalan, da
palu diteangan teh teu kapanggih, duka mun disumputkeun ku apa mah. Mun
Mamah balik ti kantor sok mawa kotak kardus urut nu gede, tara loba
mawana teh paling dua atawa tilu, keur engke ngepak
barang cek mamah teh. Nepa ka di dapur numpuk, disusun rapih, ditalian ku plastik.
Diwawaas mun kudu pindah imah teh karasa haroreamna, boa boa sakola ge
kudu pindah. Nu matak nyeblak kana hate mah beurat ninggalkeun ade Ira,
anak tatangga umurna kakara dua taun, apet pisan ka kuring. Mun kuring
balik ti sakola sok keukeureuweut kana tas, neangan buku bari tutunjuk
menta dipangmacakeun dongeng. Imahna pagigir-gigir pisan, malum imah
kopel. Jadi lamun kuring balik sakola teh ade Ira sok geus megat, atawa
miheulaan ulin di imah kuring dibarengan ku mamahna. Lucu ade Ira teh,
ngomongna balelol keneh, ngan siga capetang, loba tatanya. Nyebut ka
kuring Tet Lele, maksudna mah Teh Rere, lantaran cadel kadengena Tet
Lele. Mun kuring keur nganggeuskeun PR sok miluan tapi tara ngaganggu,
malah siga nu kerung milu mikiran. Mun kaciri kuring geus anggeus
ngagawekeun PR, ade Ira sok tuluy emprak, siga nu atoheun lantaran sok
terus dipangmacakeun dongeng. Kacipta mun kuring pindah, kuring kudu
papisah jeung ade Ira. Meureun kuring bakal leungiteun ku anu ngajemput
di lawang panto, meureun ade Ira bakal nananyakeun. Basa pere sakola ge
kuring ka imah nini di Cicalengka, mamahna ade Ira kudu hayoh nelepon ka
kuring, malah menta dipangdongengkeun dina telepon. Ari dongengna mah
pira ge sakadang peucang jeung sakadang kuya, paling ge ukur tilu
dongeng nu kuring apal, jeung nu aya dina buku ge eta keneh eta keneh.
Duka teuing kunaon
atuh ade Ira resep resep teuing dipangdongengkeun ku kuring, padahal
mamahna ge osok ngadongeng. Ngeusian imah teh geus aya kana dalapan taun
mah, kitu teh saur mamah, mimiti ngeusian imah teh waktu kuring kakara
umur dua taun, nya meureun saumur jeung ade Ira ayeuna. Gues loba
kajadian nu kuring inget keneh, asana waktu kuring kelas hiji, usum
ngijih, ka imah teh aya bangkong leutik, bancet tea. Anclog-aclogan,
ngadeukeutan kuring nu keur anteng lalajo televisi, barang katingali
kuring ngajerewet tarik, bari ngejat, jedak teh sirah ngadagor korsi,
atuh puguh kuring beuki ngajerit. Mamah sareng Apa ngajol, reuwaseun,
disangkana aya naon. Kuring tutunjuk kana bancet, jeung ngusapan tarang
nu buncunur balas tidagor. Apa ngoer bancet ku sapu nyere, ari Mamah mah
ningalian tarang, terus ngusapan. Kuring ceurik teh rada lila, eta tuda
nyeri tarang, ku Mamah dibalur ku beas cikur meunang ngarendos. Kuring
sare dina pangkonan Mamah.
Aya kajadian lucu, harita subuh, kuring ge sare keneh, ti kamar mandi
Mamah ngajerit, Apa nu nuju netepan subuh ge reuwaseun, nepi ka solat ge
ebat. Kuring ge hudang da kagandengan ku Mamah nu ngagedoran panto
kamar mandi. Sugan teh aya naon, sihoreng aya cacing di kamar mandi.
Mamah mah barang panto dibuka teh tuluy ngabret kaluar bari bubulucunan
pinuh ku sabun. Mun inget kadinya sok seuri sorangan, mamah ge sok
gumujeng, komo Apa mah sok tuluy ngaledek ka Mamah bari ngehkey. Saur
Mamah pangna sieun ku cacing teh pedah keur leutik Mamah kungsi
cacingeun.
Nu dipikabeurat sejenna, eta ari poe Minggu pasosore, kuring sok ngaji
di masjid, ari indit atawa balik sok bareng jeung Heri, dibonceng kana
sepedah. Nepi ka babaturan mah ngajangjaruhkeun majarkeun kuring jeung
Heri teh bobogohan, pasangan ideal cenah. Dijangjaruhkeun kitu teh
kuring sok ambek, jejebris, tapi ari indit atawa ari balik teu bareng
jeung Heri teh asa aya nu leungit, antukna keukeuh we sok silih
tungguan. Heri teh sakolana kelas hiji di SMP, tadina di SD nu sarua
jeung kuring, sok bareng kana mobil jemputan nu sarua deuih. Ari keur
kuring mah aya untungna sosobatan jeung Heri teh, mindeng loba nanyakeun
pelajaran. Nu karasa Heri teh tulaten pisan mun mere nyaho pelajaran.
Da manehna mah kaitung murid nu nyongcolang, keur di SD ge sok jadi
juara bae. Ceuk Mamah ge alus boga babaturan siga Heri mah, pinter jeung
bageur. Buukna galing, jangkung ngan rada hideung pakulitanana. Kungsi
dina maen drama basa acara Agustusan kuring dipasangkeun jeung Heri,
atuh babaturan mani ear jeung suat suit sagala. Dramana niru-niru lenong
bocah, caritana kuring jeung Heri jadi pasangan suami istri.
Loba kajadian nu kasaksian di imah ieu, nu jadi kenangan manis, keur
kuring mah moal kapopohokeun. Kabayang keneh ngaclogna bancet, Apa
ngoerkeun ku sapu sanyere, tempatna kuring tidagor. Tuh dina tangga eta
kuring sok ngalangeu, diuk dina titincakanana, tangga ka luhur ka tempat
pamoean. Ari Heri sok diuk dina jojodog bari mukaan buku. Geus baku
Heri mah mun ka imah teh sok mukaan buku ensiklopedi Indonesia atawa
buku seri ilmu pengetahuan sejen. Apa nu sok meulian buku tehm majarkeun
bacaeun kuring mun geus gede.
Tah palebah dieu kuring sok dadagangan mangsa kuring keur sakola TK,
kungsi Mamah ngagambreng nyeukseukan pedah kuring corat coret ku spidol
dina tembok deukeut kamar mandi. Ari ayeuna naha imah rek dijual sagala,
jeung kudu pindah deuih. Kungsi eta ge nanya ka Bi Saroh, sugan aya
beja naon alesanana pang kudu pindah, Bi Saroh kekepehan teu apal, kalah
malik nitah nanya ka Mamah atawa ka Apa. Eta ge da kungsi nanya ka
Mamah ari jawaban Mamah teh engke ge mun Rere tos ageung pasti ngartos,
ari nanya ka Apa jawabanana teh taroskeun we ka Mamah. Jawabannana asa
teu pararuguh, ari maksa ka Mamah teu biasa deuih. Kahayang teh bejaan
we alesanana nu asup akal keur pantar kuring nu kakara umur sapuluh
taun, sabelas jalan. Sabenerna mah teu hayang sakabeh pasoalan kolot
kuring nyaho, kalieur-lieur, tapi pan ari soal pindah imah sakuduna
kuring nyaho alesanana. Nu pangdipikasieun teh lamun kudu pindah sakola,
mangkaning tereh ulangan naek ka kelas genep. Kacipta pungak pinguk di
sakola anyar, euweuh kawawuhan hiji hiji acan, kumaha mun aya
tanyakeuneun, mangkaning jauh jeung Heri. Ari nanya ka Apa sok teu jelas
nerangkeunana, da nganggap kuring teh siga mahasiswa nu geus sagala
nyaho. Mun nanya ka Mamah kalahka cerewedna, antukna kuring sok keuheul
sorangan.
Tadi isuk-isuk, Mamah katingali tos kuramas, ngagaringkeun rambut ku
anduk bari ngadagoan kuring mandi. Ari rek indit pisan ka kantor Mamah
ngarawel plang tulisan imah rek dijual, tuluy diasupkeun kana wadah
runtah. Kuring ngahuleng sakeudeung, tuluy ngagabrug Mamah, kuring
ceurik bakat ku atoh, teu tulus pindah. Indit ka sakola teh karasa
hegar, sugema, euweuh kahareneg, hayang buru-buru panggih jeung Heri,
hayang ngagorowok teu tulus pindah. Apa mah ningali kuring ceurik teh
tuluy ngusapan, henteu ari cumarita mah. Teu, teu hayang tatanya kunaon
eta plang dipiceun kana wadah runtah. Nu puguh mah atoh we nu aya.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar